Selasa, 22 Juli 2014

Conto Naskah Panata Acara

Panata Acara Peringatan Isra Mi’raj di SMAN 27 Bandung

Bismillahirahmanirahim..
Assalamualaikum Wr. Wb.
Bapa Yanyan Supriatna salaku Kepala SMAN 27 Bandung anu ku sim kuring dipihormat
Bapa Ustad Deden anu ku sim kuring dipihormat
Bapa/Ibu guru kalih rengrengan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat
Teu kakantun rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus
Langkung ti payun hayu urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Gusti nu Maha Suci, Alah SWT. anu tos maparin ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel diieu tempat kanggo pangemut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW. Solawat sarta salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di antawisna:
1.      Bubuka
2.      Maos ayat suci Al-Quran dilajengkeun solawat nabi
3.      Laporan Ketua Panitia Pelaksana
4.      Pamapag ti Bapa Kepala SMAN 27 Bandung
5.      Taushiyah
6.      Doa lajeng panutup
Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan.
Bismillahirahmanirahim..
Acara kadua, maos ayat suci Al-Quran dilajengkeun mingpin solawat nabi. Ka saderek Yopi mangga dihaturanan.
*Maos ayat suci Al-Quran dilajengkeun solawat nabi*
Hatur nuhun ka saderek Yopi anu parantos ngaoskeun ayat suci Al-Quran sareng mingpin solawat nabi.
Nincak kana acara nu katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana. Ka saderek Ismail mangga dihaturanan ka payun.
* Laporan Ketua Panitia Pelaksana*
Hatur nuhun ka saderek Ismail anu parantos ngadugikeun laporanana.
Nincak ka acara anu kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SMAN 27 Bandung, ka pangersa Bapa Yanyan Supriatna, waktos sinareng tempat disayogikeun.
*Pamapag ti Bapa Kepala SMAN 27 Bandung*
Hatur nuhun ka kersana Bapa Yanyan Supriatna, anu tos ngadugikeun pamapagna.
Ayeuna nincak ka acara nu kalima, nyaeta taushiyah ti Bapa Ustad Deden. Sumangga ka Bapa Ustad Deden, waktu sinareng tempat disayogikeun.
*Taushiyah*
Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Deden anu parantos ngadugikeun taushiyahna.
Nincak ka acara nu ka genep atanapi acara pamungkas, nyaeta doa lajeng panutup. Doa baris dipingpin ku Bapa Ustad Deden. Sumangga ka Bapa Ustad Deden, dihaturanan kangge mingpin doa.
*Doa*
Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Deden anu parantos mingpin doa, mugia doa urang sadaya diijabah ku Allah SWT. amiin.
Sumangga ieu acara urang pungkas wae ku aosan hamdallah. Alhamdulillahirabbilalamin.

Ti sim kuring rupina sakitu nu kapihatur. Sim kuring ngahturkeun nuhun ka rengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun ieu acara. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahitaufikwalhidayah. Wassalamualaikum Wr. Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar