Selasa, 22 Juli 2014

Carita Pondok: Balap Lumpat

Balap Lumpat
(ku: Agung Gumelar)

            Kacaturkeun di hiji kandang hayam, anu boga hayam bikang nu loba tapi ngan boga hayam jalu hiji-hijina. Hayam jalu eta jadi pamingpin pikeun sakabeh hayam nu aya di kandang eta. Ngan hanjakal, si hayam jalu teh geus kolot pisan. Geus kuduna lain jadi pamingpin cenah ceuk hayam-hayam bikang teh. Tapi si hayam jalu anu geus kolot keukeuh hayang wae jadi pamingpin.
            Ningali kaayaan eta, nu boga kandang teh langsung meuli deui hayam jalu nu ngora. Niatna mah meh bisa ngagantikeun si hayam jalu nu geus kolot. Si hayam jalu nu geus kolot teu narima lamun manehna bakal digantikeun ku hayam jalu nu leuwih ngora. Manehna tuluy ngomong ka hayam jalu nu ngora bari ambek.
Hayam Jalu Kolot        : “Deuk naon euy maneh didieu?!”
Hayam Jalu Ngora       : “ Urang mah hayang ngagantikeun maneh didieu, kusabab maneh mah geus kolot”
Hayam Jalu Kolot        : “ Eh teu bisa sangeunahna kitu euy, mun maneh hayang jadi pamingpin didieu, urang boga tantangan keur maneh!”
Hayam Jalu Ngora       : “Naon tantanganna? Sok sebutkeun lah teu sieun urang mah”
Hayam Jalu Kolot        : “Urang nantang maneh keur balap lumpat, kumaha?”
Hayam Jalu Ngora       : “Alah teu pira balap lumpat hungkul, hayu der lah da pasti urang nu ngora nu meunang mun ngalawan nu kolot mah!”
Hayam Jalu Kolot        : “Heug atuh, tapi aya syaratna!”
Hayam Jalu Ngora       :”Naon tah syaratna?”
Hayam Jalu Kolot        :”Urang lumpat tiheula sameter lah, tah ngke maneh karek lumpat, nya ngarti we atuh da urang teh geus kolot, kumaha?”
Hayam Jalu Ngora       :”Sok lah teu nanaon, da angger nu meunang mah bakal urang.”
Tuluy, hayam jalu nu kolot jeung hayam jalu nu ngora langsung nyokot posisi keur lumpat. Hayam jalu nu kolot teu poho, manehna langsung lumpat heula sameter, tuluy hayam jalu nu ngora langsung lumpat bari ngudag-ngudag hayam anu kolot.
Teu lila, nu boga kandang hayam asup ka kandang hayam. Tuluy manehna nyokot hayam jalu anu ngora bari ngomong. “Euh gelo teh siah! Geus katujuh kalina urang meuli hayam anu homo!”


-Agung Gumelar-

Sastra Sunda 2013

Tidak ada komentar:

Posting Komentar