Selasa, 22 Juli 2014

Conto Biantara Basa Sunda

BIANTARA PATURAY TINEUNG SASTRA SUNDA UNPAD

            Assalamualaikum Wr. Wb
            Sampuarasun. Wilujeng Enjing Sadayana.
            Bapa Rektor Unpad anu dipihormat, Bapa Pupuhu Jurusan Sastra Sunda anu dipihormat, Ibu miwah Bapa dosen anu dipihormat, para tamu uleman sepuh mahasiswa anu sami-sami linggih, rerencangan saentragan sareng adi-adi kelas anu ku abdi dipikareueus.
            Langkung tipayun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT., nu tos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepung lawung patepang wajah dina ieu acara. Teu hilap solawat sarta salam urang sanggakeung ka panutan alam Nabi Muhammad SAW.
            Para wargi anu dipihormat, teu karaos asa cikeneh sim kuring saparakanca ditampi di ieu kampus, nanging kiwari tos bade ngantunkeun deui ieu kampus. Waktos opat taun teh asa sakocepat pisan. Nya dina danget ayeuna pisan, abdi kapapancenan ngawakilan rerencangan saentragan seja ngahaturkeun nuhun kana kasaean Ibu sareng Bapa dosen di ieu kampus. Mugia amal kasaean Ibu sareng Bapa dosen dibales ku Nu Maha Kawasa.
            Sajabi ti ngahaturkeun nuhun, teu hilap abdi saparakanca neda dihapunteun. Salaku jalma biasa anu masih keneh atah sareng didikeun keneh, seueur pisan tingkah laku, tindak tanduk, atanapi paripolah anu tangtos moal luput tinu kalepatan. Pamundut, mugia tina ati anu wening, manah anu setra, Ibu sareng Bapa guru ngahapunten sagala rupi kalepatan abdi saparakanca salami nyuprih elmu di ieu kampus.
            Kalawan asmana rerencangan, sateuacan abdi sadaya amit mungkur di ieu kampus, neda rido galihna ti Ibu sareng Bapa guru kersa ngajajapkeun abdi sadaya ku pangjurung nu mangrupi du’a, mugia abdi sadaya tiasa ngahontal cita-cita sareng janten jalmi anu soleh. Amin.
            Hadirin anu dipihormat, kalawan asmana rerencangan, cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur. Pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna, atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugia kersa ngahapunten.
            Amit mungkur, sapu nyere pegat simpay, paturay patepang deui.
            Wassalamualaikum Wr. Wb.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar