Selasa, 22 Juli 2014

Carita Pondok: Si Ujang Nyaba ka Leuweung

Si Ujang Nyaba ka Leuweung
(ku: Agung Gumelar)

            Si Ujang téh kasohor  jalma anu ngedul lamun dinu masalah digawe. Pagawéanana ngan sakur saré waé. Lamun geus dahar mah golédag deui saré di pangkéngna. Kusabab kalakuanana siga kitu, mitohana kacida pisan sebelna ka Si Ujang.
            Hiji mangsa, sinarieun Si Ujang indit ka leuweung. Maksudna mah rék néangan rejeki. Da kitu lumrahna, jalma anu geus ti leuweung mah sok rébo ku babawaan.
            Si Ujang geus anjog ka leuweung. Manéhna ngan hulang-huleng baé geus di leuweung téh. Teu puguh naon anu deuk dipigawé. Ari pék manéhna léos ka handapeun tangkal kai, rék ngadon reureuh da cape. Rét Si Ujang téh ka luhur, dina dahan loba pisan manuk anu keur ngaub, disadana patembal-tembal jeung manuk nu lain. Si Ujang resepeun pisan tur atoh ningali manuk nu aya di luhur dahan nu keur silih ngaub  patembal-tembal. Manéhna tuluy héhéotan nurutan sora-sora manuk. Si Ujang tuluy leumpang deui bari ngahariring, teu puguh deuk kamana tujuanna jeung teu puguh naon anu rék di pigawé.
            Keur Si Ujang  jongjon leumpang, manéhna nénjo aya sayang odéng badag nu ngagantung dina tangkal kai. Reg eureun Si Ujang téh dina handapeun tangkal kai nu aya sayang odéngna. Tuluy Si Ujang mencrong éta odéng. Indungna rabul tina sayangna. Éta odéng teh aya nu kaluar, aya nu ka jero arasup bari marawa madu beunang nyeuseup tina kekembangan téa. Si Ujang anteng baé nénjo éta odéng. Sakapeung mah Si Ujang téh sok seuseurian sorangan, éta cenah pédah sora odéng téh ngaguruh jiga kapal udara. Ku sabab anteng teuing, Si Ujang ngadon kasaréan.
            Pasosore, Si Ujang kakara balik ka imahna. Mitohana geus aya dina lawang panto, tuluy nanya ka Si Ujang.
“Heh Ujang, balik ti mana ai manéh meuni burit-burit teuing?”
“Ti leuweung, Bah.” bari reuwas Si Ujang ngajawab.
“Naon maksud ka leuweung téh?”
”Ah hayang wé Bah, sugan wé meunang rejeki balik ti leuweung téh” ceuk Si Ujang téh.
“Cing meunang naon atuh balik ti leuweung téh?”
“Teu meunang nanaon ah, Bah.”
“Naha teu meunang nanaon? Da saré meureun nyak manéh mah di leuweung téh?”
“Hen.. henteu Bah.” jawab Si Ujang bari sieun kapanggih ngabohong.
“Ah bohong siah.”
“Saré kétang Bah saeutik.”
“Teu iraha teu dimana maneh mah pagawéan téh ngan saukur saré jeung saré wé. Teu manggih nanaon di leuweung téh?”
“Manggih Bah, manggih odéng, sayangna meni badag siah Bah.”
“Mana maduna atuh Ujang?”
“Madu?” Si Ujang héraneun.
“Bodo manéh mah, Ujang. Engké mah ari manggih odéng teh ala maduna.”
“Sieun nyeureud ah, Bah.”
“Gampang, duruk wé buntutna.” ceuk mitohana bari jéngkél.


Isukna Si Ujang geus indit deui ka leuweung deuk néang deui éta odéng. Koja mitohana dibawa keur wadah maduna. Geus neangan kukurilingan di leuweung, sayang odéng téh teu kapanggih. Si Ujang terus aprak-aprakkan di leuweung. Manéhna nenjo uncal nu keur héés dihandapeun tangkal. Si Ujang ujug-ujug inget kana papatah mitohana.
“Awas siah, di duruk buntutna ku aing.” ceuk Si Ujang bari ngadeukeutan éta uncal.
Kusiwel Si Ujang téh ngodok panékér dina saku calanana. Tuluy ngahurungkeun tapas kalapa garing. Keteyep manéhna ngadeukeutan uncal nu keur héés tibra pisan. Kojana dikaitkeun kana tanduk uncal. Teu lila, buntut uncal téh diduruk ku Si Ujang. Puguh baé uncal téh reuwaseun, tuluy ngajleng luncat bari kabur.
Si Ujang teu meunang nanaon deui. Manéhna langsung balik lantaran geus lapareun. Terus bébéja ka mitohana yén kojana dibawa kabur ku uncal. Mitohana kacida pisan jéngkél ka Si Ujang ngadéngé pamolah minantuna kitu. Si Ujang dicarékan ku mitohana tapi teu didéngé. Léos wé manéhna mah ka dapur dahar nepi ka kamerkaan. Jiga biasa, Si ujang tuluy saré deui pas geus dahar.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar