Senin, 23 April 2012

Jati tong kasilih ku junti

Baheula kula pernah rasa bangga,kana adat pangadatan urang-urang sunda,hade basa,hade rupa,adab tatakrama,sopan santun teu lepas tina tetekon,nyaah ka dulur,nulung ka batur,someah ka tatangga..
Naha ayeuna kamana? kunaon? jeung kunaha? adat pasundan kalindeus ku jaman,ajen kisunda pareum ku kabebasan.
naha kunaon urang jadi pasalia jalan,pada-pada dina neangan kahormatan,adigung gede hulu asa aing uyah kidul.
Naha kunaha urang beut mbung ngahiji patali dina babarayaan,jang ngahudangkeun deui darajat ajen tanah pasundan.
Kujang sakti nu matri na diri,kujang karamat nu ngagurat na dada,kujang pusaka nu ngancik na raga ayeuna ngajirim nonoman sinatria,sok kaluarkn urang hijikeun jang ngalawan kasombongan jaman,nu ti kidul,ti kaler,kulon jeung wetan,kajen beda dina golongan tapi hiji dina pamaksudan nanjeurkeun kajayaan-deui-tanah pajajaran..
Niti wanci nu mustari,ninggang mangsa nu waluya....Bral geura miang ka medan juang,jig geura indit ka medan jurit.geura papatkeun jampe pamaki,geura keutrukeun elmu panemu,cadu mundur haram lumpat,tong ingkah kajeun jadi bugang,cadu mundur kajeun ajur,da sapanteusna pangorbanan bakal jadi kahormatan...

Al faatihah.was wes wos was wes wos dalahar bae,baralik wae,kyai na menang amplop haha ari di buka 2000 hahaha :D

Tidak ada komentar:

Posting Komentar